Ngalamun...

Lamun enya tea mah fungsi uteuk jeung hate bisa siga komputer, moal kuring ngarasa baluweng siga ayeuna...

Diumpamakeun mah uteuk teh prosesor, gampil meureun lamun geus rudet-rudet teuing mah tinggal ku kuring di ganti ku prosesor nu leuwih anteub bisa mikiran sagala rupa tanpa nga-heng...

Kitu deui hate lamun diumpamakeun hardis, lamun kosong siga nu ku kuring dirasa ayeuna, gampil pisan atuh... eusikeun wae mp3 atawa pelem ngarah rame... piceunan pail-pail nu teu perlu jeung dirasa ngan saukur jadi runtah nu minuhan teu puguh...

Hmmm...

Tapi da geuningan kuring teh jelema, nu leuwih kompleks komposisina dibandingan komputer nu keneh-keneh jieunan jelema mah...

Tapi aya hiji nu nyaruakeun antara komputer jeung jelema... dua-duana oge butuh ku nu ngarana "batur hirup"... eta nu ngalengkepan hirup... da geuningan karasa ku kuring ayeuna... sepi ari teu boga batur hirup mah euy! (ari babaturan mah kuring oge loba... ieu mah "batur hirup" ceuk uing oge)

Kanggo nu atos-atos... nuhun pisan pernah aya dina kahirupan kuring... anjeun ayeuna janten batur dina memori kahirupan kuring nu salajeng na...

Peuting beuki jempling... bedana lain tongeret nu maturan kuring... da lain di leuweung ieu teh... yahoo bigsmile Ngalamun...

Wilujeng wengi, jungjunan... mugi kuring aya dina pangimpenan anjeun... siga anjeun sok aya dina sawangan kuring... nepi kana waktuna urang duaan patimu... ngajodo... lain ngan saukur dina implengan...


admin Ngalamun... Unique visitors to post: 0

Leave a Reply

  

  

  

You can use these HTML tags

<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> <pre lang="" line="" escaped="" highlight="">