Tumpak tower...

Ceuk rarasaan mah uing keur leutik teh tukang tuak taek kana tangkal jeung suhunan imah... luas pisan... euweuh kasieun....

Pas tadi naek tower POP, meni asa kokoleangan... katebak ku angin rada badag, jabaning kudu nyekelan radio pas turun na teh...

Teu pira padahal mah... ngan 6 stek, alias 30 meter... eta oge towerna teh dina suhunan imah deuih... jadi lamun di itung-itung mah tina puncak tower kana taneuh teh aya sakitar 45 meteran... beu! we lah...

Geus lila pisan teu ngagunakeun pasilitas pisik... lumayan pas reureuh teh rada regeng sa otot-otot...

Ngoprot kesang bakating ku nahan beurat grapitasi eujeung panas poe mentrang mentring...

Lumayan lah jang olah raga... mangpang meungpeung... biasana oge gawe teh ngan ngandelkeun uteuk jeung ramo hungkul... ieu mah aya teterekelan nana... yahoo bigsmile Tumpak tower...


admin Tumpak tower... Unique visitors to post: 0

2 comments to Tumpak tower...

Leave a Reply

  

  

  

You can use these HTML tags

<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> <pre lang="" line="" escaped="" highlight="">