Rumasa...

Lamun anjeun maca ieu, mugia nepi nu di pimaksud ku akang...

Lami di piara, hiji rasa nu aya dina jero hate akang, hiji rasa nu salawasna nyieun wujud anjeun nyiruruk dina tungtung hate... deudeuh jeung nyaah...

Nyai... neng geulis nu ku akang di picangcam... karaos beurat geuningan gaduh rasa tapi teu bisa mipiboga teh... pisik urang pajauh tapi hate manteng ka anjeun (tapi teu hilap kanu maha kawasa mah akang oge... yahoo smiley Rumasa... )

Mindeng akang ngadu'a kanu kawasa... "Ya allah... lamun seug oge anjeun teu marengkeun kuring ngajodo jeung manehna... mugia ieu rasa teu jadi beungbeurat dina kahirupan nu ku kuring jalankeun ayeuna."

"Tapi lamun seug manehna memang jodo kuring... pangnujukeun jalan kumaha sangkan kuring bisa patepung ngahiji jeung manehna."

Mun seug oge anjeun kedah ngajauh... akang insya allah rido... moal teh teuing deuk ngabelenggu salira... neng geulis nu manceuh dina hate akang...

Tapi mun sakirana anjeun ngadeukeut... moal ka kecapkeun kumaha bagjana akang... nyanding babarengan ngarung sagara kahirupan...

Hmmm... nyai nu ku akang di pikadeudeuh...

Lamun enya aya laku lampah akang nu nyababkeun anjeun ngajauh... hampura... da geuningan salaku insan manusa mah... akang teh teu weleh lepas dina kakurangan...

Tapi nyai... lain hartina akang geus euweuh rasa... puguh deui ngewa mah... teu saeutik acan ngabersit dina pikiran jeung hate... ampun paralun...

Moal loba catur... moal loba basa nu di kedal... da geuningan rasa mah leuwih anteb batan cariosan...

Hiap geura mulang kana keukeupan akang... tempat dimana anjeun nyiruruk... dina dada belah kenca... dina jero hate akang...

Sun deudeuh dina taar ti akang kanggo nyai nu geulis... yahoo kiss Rumasa...


admin Rumasa... Unique visitors to post: 0

8 comments to Rumasa...

  • waduh.....
    asa kasuat suat kieu maos serat ti akang teh....
    naaa..atuh akang teh...make nyieun nyeri hate si nyai....
    tuh, janten we kabur kanu sanes meureun nyai teh?

    (halah meni nyurucud ci panon yeuh....tiasa maos sunda lemes kieu dina media blog anu canggih kieu...alhamdulillah)

    upami pun nini aya keneh...ngiring gumbira panginten...

  • Sumuhun ieu teh... duka kumaha atuh da...

    duka memang si akang nu taledor, teu pati merhatikeun si nyai nu akhirna si nyai mangkat ti sisi si akang... duka memang si nyai geus ngaraos bosen ka si akang... :)

    nu puguh mah ayeuna si akang teh ngaraos handeueul pisan... nyadar bahwa si nyai tos teu aya deui di sisina...

  • jajang

    emh sok inget kisah kabayan anu nepi ka nyaba ka chicago (cikaso) lantaran ngudag kakasihna tercinta nyaeta nyi iteng tea. meureun ieu carita akang bisa wae nyarupa kisahna kang kabayan, kang tong pundung tong leeh hate, da gusti Allah sok maparinan jalmi2 anu salabar, mugia cinta akang patepung ngahiji dina hiji waktos nu teu ka ukur, tah sing teras berjuang we lah, emut kang, kang kabayan oge cinta mati ka nyi item teh. sok atuh ah wilujeung ngaberjoangkeun cinta, amin.

  • dhee

    Alloh itu Maha punya rencana...ikhlas sama sabar nggak bisa terukur besarnya, semua sedih,senang,marah,sayang,cinta..semua bentuk kasih sayang Alloh sama kita supaya kita nggak lupa untuk bersyukur sama apa yang -pernah atau sedang- kita miliki.., Alloh mungkin sudah menggariskan dia bukan yang terbaik..InsyaAlloh ada Nyai yang bisa lebih memahami..dan menyayangi hingga bisa lebih merasa lengkap untuk menjalani hidup..ditengah-tengah keluargamu yang penuh dengan kasih sayang, semoga Alloh selalu menjaga sehat dan hatimu...Amien

    *maap nggak nemu site kamusnya yang bisa otomatis dirubah ke b.sunda.. :( .. btw nice blog

  • enya... sumuhun ari kituna mah, tapi da geuingan sabage insan manusa nu kadang poek kanu dicamkeun ku illahi teh kadang sok seueur muncul pertanyaan...

    "Naha bet kitu?"
    "Kumaha lamun kieu?"

    Jeung sabagena... tapi lamun memang urang daek tafakur jeung mimiti nyerahkeun sagalana kanu kawasa mah... sigana moal seueur didamel handeueul...

    insyaallah...

    ps:
    memang sampai saat ini belum ada yang kaya transtool yang bisa nerjemahin antara bahasa nasional ke bahasa daerah dan sebaliknya... makanya sistem translasi bilingual di handle oleh tiap individu...

    dengan ngereply ini walaupun dengan bahasa universal (nasional) berarti kamu ngerti basa sunda dong...

    Isn't it amazing how brain works ain't it?! :D

    Thanks for compliment my blog...

  • dhee

    dengan ngereply ini walaupun dengan bahasa universal (nasional) berarti kamu ngerti basa sunda dong…
    -->
    Ohh tentu aja pan atos belajar sakedik-kedik..ngartos abi teaaa cerdas :p

  • aeh... sae atuh ari ngartos mah...

    salam kenal ah... :)

  • walida

    sing sabar nyak :)

Leave a Reply

  

  

  

You can use these HTML tags

<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> <pre lang="" line="" escaped="" highlight="">