Wilujeng mulang... aki...

Sanaos abdi teu pati sering deui nganjang ka lembur... sanes hartosna abdi mopohokeun aki, da geuningan beuki gede teh beuki seueur catur lampah sorangan nu kudu diurus... teu siga baheula basa kuring keur leutik... nyarios ka embu lamun liburan sakola palay nganjang ka aki... liburan di bumi aki...

Sanes teu emut ka aki deuih... mun beuki kadieu beuki kadieu kuring sok tara ngiringan kempel sareng saderek sanes lamun aya acara di lembur...

Aki... geuningan ari nu namina jalmi mah ka pentok ku umur... lamun waktosna di pundut kunu kawasa... nya bade kumaha deui ari sanes pasrah jeung ngadu'a mah...

Kitu deui aki... ayeuna tos mulang... di pundut waktos kunu kawasa...

Abdi aki... incu aki lalaki pangmimitina... ngan saukur tiasa ngiring aki ku do'a... mugia sagala kasalahan di hapunten... sagala amal di gentos ganjaran nana...

Wilujeng mulang... aki...

RIP: Aki Momon, 1933 - 2006


admin Wilujeng mulang... aki... Unique visitors to post: 0

Leave a Reply

  

  

  

You can use these HTML tags

<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> <pre lang="" line="" escaped="" highlight="">