Teu ngabibisani nya ari nu namina awak jelema sareng parabotna...
Poe ieu waos kuring nu palih pengker katuhu handap punglak... saparapatna... kacida pisan...
Teu pira padahal mah ngan saukur emam sangu koneng... teras ngegel kacang nu biasa aya dina sangu koneng geuningan...
Jetruk... suganteh dina sangu aya batu karikil alit... pas di raraoskeun... naha waos nu pengker teh asa janten seukeut kieu?!
Alah... bener punglak ieu mah... saparapatna... nyempong deuih posisi punglak na teh... beu!
Ieu mah kedah ka dokter gigi atuh... duka bade di kumahakeun... tapi piraku we dokter teu tiasaeun ngaropea waos nu punglak sapalih?!
Sialna na deuih... waktu teh tos wengi pisan... janten kedah enjing tiasa ka dokter gigi na teh...
Kapaksa we wengi ieu ngararaoskeun waos nu semu linu sawewengi panginten...
Hmm... nasib.... nasib... ![]()
Unique visitors to post: 0