Sugan teh bakal lana katiga teh... ari pek teh geuningan saminggu ieu mah hujan teh turun sa atos mang bulan-bulan panas mentrang mentring bari jeung garing di mana-mana...
Cikan keneh kuring mulih ti padamelan... dor-dar sora guruh... sugan teh moal kapegat eta ku hujan... na ari pek teh parat... ti mimiti jung nepi ka bumi...
Momotoran meulah legana kota bandung ka beh wetankeun... tempat dimana kuring nyiruruk... nyungsruk di guyur ku gedena hujan...
Tadina na mah aya kaingetan hoyong nyisi heula... tapi kagok asong kahujanan... dina pikiran teh da tos bararaseuh ieuh lah... mangpret we dilaju si kuda belang nu ku kuring ditumpakan teh...
Bari jeung rada ati-ati... da pangalaman kamari-kamari sempet kacilakaan pas hujan siga kieu teh...
Alhamdulillah akhirna tepi ka bumi kalayan salamet... bari jeung sa awak-awak jibrug rancucut oge... ![]()
Unique visitors to post: 0