Saur saha eta teh?!

Cing sok cacarios ka akang...

Saur saha akang tos teu percanten ka salira?

Saur saha rasa kameumeut nu ku akang dipiboga tos ilang teu aya tapakna?
Saur saha akang tos teu merhatikeun salira... kakasih akang nu ngan hiji-hijina?

Naha eta nu nyababkeun salira robah roman nu ku akang dirasa ayeuna-ayeuna?

Naha eta nu nyababkeun kadang-kadang eneng sok bendu teu pupuguh ka akang?

Neng...

Ari nu namina tali asih mah kedah di dasaran ku silih percaya... da moal kitu wae ngadeg jleg ngajadi prok teu pupuguh...

Urang duaan kedah seueur pakumaha... bari jeung tong teh teuing seueur ngadangu nu sanes-sanes...

Da nu ngajalanan tali asih mah ngan urang duaan nu terang, sanes?

Neng geulis kakasih akang...

Yeuh dangukeun geura...

Moal aya nu mikanyaah jeung mikaasih eneng salian ti akang (tangtosna ambu sareng bapa neng oge yahoo bigsmile Saur saha eta teh?! )

Moal aya nu terang kumaha na eneng salian ti akang...

Moal aya nu ngaraos naon nu dipikaraos akang ka eneng salian ti akang...

Ku kituna... hiji nu dipiharep ku akang mah... salira sing percanten... tong deui aya raraosan nu teu puguh... yahoo smiley Saur saha eta teh?!

Da urang duaan teh tos sami-sami dewasa... tos terang kumaha carana ngudalkeun unek-unek jeung eusi hate... sok geura nyarios ka akang... yahoo smiley Saur saha eta teh?!


admin Saur saha eta teh?! Unique visitors to post: 0

Leave a Reply

  

  

  

You can use these HTML tags

<a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong> <pre lang="" line="" escaped="" highlight="">