Tadi pas rengse damel, akang ngahintul dina balkon...
Bari ngelepus nyesep, leguk cikopi susu... akang narawang...
Mun beh na nyai harita mikirkeun akang siga akang harita mikirkeun nyai... aya sarua dina kayaan nu sarupa...
Sono akang teh ka nyai... kakasih akang nu geulis...
Hoyong ngeukeup deudeuh... bari ningal seuri imut nyai... ngabandungan carita kajadian poe ieu nu kapilampah sapoe jeput...
Dibaturan ku girimis hujan nu teu eureun-eureun ti sonten keneh...
Hmm...
Ngan saukur dina sawangan keneh geuningan... nyai...
Jung akang cengkat... Mulang muru ka poeknakeun peuting...
Ngimpleng yen isukan akang kudu nunaikeun tugas gawe nu sejen...
Peuting ayeuna mah rek ngareureuhkeun heula awak... pikiran... jeung hate...
Kitu deui anjeun... sing tibra bobo...
Siga biasa... sun deudeuh dina ta'ar... mugia urang geura ditepungkeun ku nu kawasa...
Lain ngan saukur implengan... ![]()
Unique visitors to post: 0